Buku patulayah. Laluncatan tina erak jiga rék démo. Hiji-hiji ménta diabsén. Nu kandel nu ipis. Dina rupa-rupa jejer. Buku agama pangheulana. Sarébu jilid leuwih. Nyaleungseurikeun. Buku-buku nopél tingjéréwét. Malah sawaréh haréhéotan. Énsiklopédia kucem. Kalotor. Teu dielapan-elapan acan. Majalah jurnal téhnik bangun ngejejeléh. Rék nyiduhan. Geuwat ditindihan ku kamus. Buku psikologi jeung tasawup galuntréng silih témbongkeun pamanggih. Malencrong kuring.
“Bangun gering anjeun téh.”
“Kumaha kitu?”
“Éta wé, siga barieukeun rék maca buku mana heula. Ngabsén buku téh, lain ngan ukur rék dibersihan hungkul lin? Keur néangan buku ubar lelembutan anjeun.”
Meureudeuy. Ngélémés éra.
“Keur néangan buku nu lila tara dibaca. Aranjeun nyaho dimana ayana?”
Euweuh nu ngajawab. Dipapay. Teu kapanggih. Dikoréhan. Aya. Kadungsang-dungsang panghandapna . Kucel jeung leuseuh. Tara diropéa, jajauheun digulang-gapér. Gep dicekel. Jilidna dibuka. Lambaran kahiji, kadua jeung katilu. Beuki jero, beuki beueus ku cimata. Karak dibaca satengahna, cimata ganti getih. Lambaran saterusna, ngaburialkeun getih kintel. Pagalo jeung nanah. Jaba bau.
Subuh masih nyésakeun poékna. Hiur angin siga nu muih lalaunan lebahing tempat nu seungit kacida. Nyelecep. Panon dipeureumkeun. Lalaunan ngagerendengkeun kasono nu teu pernah aya tungtungna. "Ieu abdi, Jungjunan." seungit muih nuturkeun hiur angin.
"Manglaksa wengi nu kalangkung. Aya nu nyeuit palih kiwaeun dada, Jungjunan. Ayeuna bet gentos ku cisoca."
Suku ngaléngkah lalaunan. Dina lulurung nu gumulubur caangna.
Nepi ka tungtung lebah dituna. Rét ka kénca, rét ka katuhu. Loba cimata nu sarua. Ngeclak ka handap. Dieusi ku carita kakangen nu teuing kudu kumaha ngagambarkeunnana.
Nepi ka luar. Siga aya nu leungit tina rasa. Tuluy malik. Neuteup ka luhur. Aya kubah pulas héjo.
Cimata nuluykeun deui caritana.
Si uyah isuk-isuk kénéh geus balayar. Rék ka Nagri Peremén cenah da sobatna ulang taun. “Bungah Si Gula ayeuna tos janten Gulali, pasti nambih geulis” pokna bari turun tina parahu keretas. Lumpat. Nepi di Nagri Peremén, Si Uyah bingung da kabéh Gulali. “Happy Birthday” pokna ka salasahiji Gulali. “Ih naon sih?” témbalna. “Geuning lain”. Noél. “Happy Birthday”. Lain. Noél deui. “Happy Birthday”. Lain deui. Nepi ka saratus kalina. Lain. Si Uyah reureuh, diuk di handapeun tangkal. Teu lila aya nu nyampeurkeun. “Gula…! Naha angger kieu sapertos kapungkur? Naha teu sapertos Gulali nu sanés? Happy birthday geulis” ceuk Si Uyah bari nangkeup Si Gula. “Sanaos tos janten Gulali, abdi bakal teras kieu supados Uyah teu sesah milari. Abdi kieu kanggo Uyah” témbalna. Tuluy Si Uyah masangkeun makuta tina kembang ka Si Gula. Maranéhna anteng ngobrol. Ngubaran rasa kakangen. Nepi ka tepung deui jeung ulang taun, Si Gula.
Budak awéwé neuteup indungna nu keur dangdan. Maké wedak maké lipen setip, rap cindung luhureun mastakana. Geulis Ema téh, gerentes haténa.
”Ma, badé ka pangaosan deui?” Manéhna nanya.
“Enya” témbal indungna pondok.
“Meni unggal dinten pangaosan téh” sorana rada ngalengis.
“Nya heueuh unggal poé atuh da béda-béda masjid. Apan tolabul ilmi!” Indungna cengkat bari ngajéwang kantong.
Budak awéwé ngahuleng, keuleuyeung nyampeurkeun ka kamer lanceukna.Téh Tini jeung Téh Ros keur uplek ngobrol bari tingcikikik tingkuciwes. Duana keur mangkat rumaja, umur ngan géséh dua taun jadi siga sababad. Mireng budak awéwé asup ka kamar Téh Ros cengkat,
“Hayu Téh, urang ayeuna wé meungpeung Ema tos angkat”. omongna.
“Enya, hayu” Téh Tini milu cengkat. Duanana singkil duka rék kamarana.
“Téh, ngiring?” Budak awéwé neuteup ka dua lanceukna.
“Ngiring kamana?” Téh Ros nyengor bari ngadilak. Léos duanana arindit. Budak awéwé diuk sorangan di tengah imah nu ublug-ablag. simpé. Jempling. Hing…budak awéwé ceurik.
Keuheul ka Si Jahro. Cua uingah. Nyebut banci pédah uing can boga bébéné. Magar uing teu kanjutan. Naha teuing. Ngéwa-ngéwa ku naon. Sirik-sirik ku naon. Pék tempokeun. Uing gé bisa boga kabogoh cara manéhna. Jam sapuluh saparapat, pas bel istirahat pisan, tukangeun kelas 8D uing narima cintana Késih nu geus genep kalina némbak uing. Moal ngan ukur rek ngapélan peuting ieu mah. Uing rék nyium pipina. Biwirna kétang sakalian. Bongana ceuk Si Jahro bobogohan wé jeung ninina ari ngan ukur ngobrol hungkul mah. Motor geus siap. Baé lain métik jiga nu Si Jahro gé. Nu penting mah bisa maju. Bisa bobogohan. Jauh ka imah Késih teh. Kana tujuh kilona. Jalana rumpil kacida. Motor teu bisa dibawa lumpat. Komo dibéré hujan kaya kieu mah. Cai ti walungan Cimandé mimiti naék. Jalan rumpil katutupan cai ti walungan. Motor karasa beurat. Cai beuki ngagulidag. Késih, motor kabawa caah! Uing teu bisa ngojay!
Lédak. Lédak. Lipenstip 'Rouge Pur Couture' pulas beureum sahéab, mulas lambeyna nu amucuy ipis. Sieup. Adumanis sareng damis dipulas pupur Syria Any Klaen. Centik bulu socana mapaés soca cureuleuk. Rét kana eunteung satangtung. Belenyéh imut. Koloyong sidéngdang bari hahariringan. "Suiiit, suiiiwww ...!" sada nu ngahuitan ti jauhna. "Tah si Aa geuning tos nyampeur," gerentesna. Jung nangtung. Memener rok panjang meulah pingping model 'cheongsam'. Gulak-gilek, nyuaykeun rambut panjang ngarumbay. Gep kana eunteung. Nyéh imut. Neuteup nu mencrang sajeroeun eunteung leutik. Jog nu ti tadi diantosan anjog. "Badé kamana Aa, urang malem Mingguan téh?" Pokna ogo bari ngaléndotan ka nu anyar datang. "Cuang ka kota geulis," walon si Aa bari ngajembél damisna, "cuang nongton filem. Tuh ieu tikét palih juru pangpengkerna," pungkas si Aa neuteup bangun geugeut. Geleber duanana ngapung ka dayeuh, muru pidangan bioskop 'midnight'.
Si Nyai. Kalah mindeng ameng sareng rorobotan. Digelutkeun. Padahal, saur Mamah, sakedahna anteng sareng rupi-rupi Barbie, nu metet dilomarian. “Manéh téh awéwé!” saur Papah. Bari nyintreuk tarik pisan. Basa erokna barelok uih méngbal. Saparantos nonjok réréncanganana. Bonganna teu ngaku hénbal. “Jalingkak pisan budak téh!” saur Enin. Pédah Si Nyai nérékél. Ngala pakél. Da hawatos ka Si Bibi nu hoyongeun metis buah. Si Nyai. Lajeng mindeng hulang-huleng. Margi Mamah sareng Papah janten sering paraséa. Ngadégdég dina lomari. Waktos Mamah sareng Papah nuju hog-hag. Teras brong-brang. “Bibiii!” Si Nyai nyambat Si Bibi. Ngabecir. Nyampeur ka dapur. Si Bibi suwung. “Serahkeun aiiing!” Mamah tambih bendu baé. “Bibiii!” Si Nyai néang Si Bibi. Ka kamarna. Kosong. Teu aya acuk-acukna acan. Mamah teras jejeritan. “Gandéééng!” sora Papah. Sora nu patingjelebét. Kakuping Mamah midangdam. Si Nyai mudigdig. Salirana ujug-ujug ngajangkungan. Ngabadagan. Janten saageung Arimbi. Nguwak-ngawik eusi bumi. Gantawang nangtang Si Papah. Nu ngayekyek. Nu meledek busiatna.
Leumpang kundang iteuk, leungeun kénca manggul sapu tina tepes. Srog ka hiji lembur. "Mang! Cik ka dieu!" ceuk sora awéwé. Sardi ngajanténg. "Ti béh mana bieu bijilna nu ngageroan?" gerentes haté Sardi. Ngong deui anu ngomong: "Mang! Sabarahaan sapu?" Didédéngékeun sora léngkahna, geus aya gigireun, pok Sardi ngomong: "Malas rébu, Nénéng!" bari ngécagkeun panggulanana. "Mésér dua, namung badé milih nya?" Pokna teu tatawar heula. "Mangga Nénéng!" témbal Sardi. Sabot keur ngadagoan anu milih sapu, kapireng ku Sardi aya nu ngagorowok. "Ma Uyut...! Mésér hiji wéh sapuna." Sardi rada reuwas, boa-boa anu disebut Nénéng téh ema-ema tapi éta sora meni halimpu. Teu sawatara lila. "Mang yeuh artosna! Patpuluh rébu, wangsulanana mah pék wé kanggé Mamang!" bari nyesepkeun duit kana dampal leungeun Sardi. "Hatur nuhun Nénéng!" ceuk Sardi. Sajeroning leumpang haté Sardi norowéco. "Nu bieu meuli sapu téh enya meureun ema-ema ngan ngarana Nénéng."
"Bapa can bisa ngawinkeun ieu panganten, sabab aya rukun nikah anu kurang," ceuk Pa Lebe, bari menerkeun kacamatana anu gogolosoran dina cukang irungna. Sakur nu aya curingkah. Silihreret. "Ih, raraosan mah asa tos lengkep," ceuk bapana calon panganten awewe bari melong calon besanna. "Sok we urang cek babarengan," ceuk Pa Lebe bari muka map. "Calon panganten, aya. Wali, aya. Mas kawin, aya. Saksi, pasti aya. Ijab kabul, gampang eta mah. Tuh kakara lima, aya nu kurang hiji deui?" ceuk Pa Lebe bari mencrong beungeut bapana calon panganten awewe. "Naon nu kirang teh, Pa Lebe?" ceuk nu dipencrong malik nanya. "Kurang hiji deui, euweuh organ tunggal. Enya, euweuh elektun," ceuk Pa Lebe bari panonna ngulincer ngareretan ka unggal juru balandongan.
Kayungyung Cep Odėd mah. Estu matak pikabungaheun kolot. Urusan prėstasi di sakola geus moal aya nu nyaruaan. Jėnius kabina-bina cenah ceuk psikolog tėh. Umur dua taun geus norolang maca koran. Guru-guru SD kawalahan. Guru-guru SMP jeung SMA karoroncodan. Teu karuateun nyanghareupan kapinteran manėhna. Pon kitu deui di universitas nyongcolang kabina-bina. S1 di Singapur, S2-na di Jepang,S3-na di Amėrika. Umur dua puluh dua taun tėh geus nyangking gelar profėsor. Ngan acan ari jadi rėktor mah. Sabab can aya nu mėrcaya. "Wilujeng ėnjing,Prof.?" Ceuk satpam bari mangmukakeun panto mobilna. Manėhna ngan ukur unggeup cakueum. "Punten Prof. ulah bendu ėta sapatu sisirangan,nu hiji coklat nu hiji hideung!"Ceuk satpam ngaharewos. Ulak-ilik ka handap, beuuu.... enya sisirangan. Sup deui kana mobil. Sajam ti harita kakara datang deui bari tetep makė sapatu sisirangan."Prof, teu cios ngagentos sapatu tėh?" Ceuk satpam ngaharėwos deui. "Kumaha atuh da sarua nu di imah ogė modėl kieu....?!"
Aya ku éndah, peuting téh hade poéna, langit lénglang dipapaés beungeut bulan nu gamuleng matak kabungbulengan keur nu kasmaran.
“Tong tebih teuing...” sorana ngaharéwos, nompo pisan kawas nu embung kahalangan sanajan ku buuk salambar.
“Isin atuh, Kang....!” rada ngised ngajauhan.
“Na da teu aya nu nyérangkeun, ari sanés bulan anu sakedap deui ogé nyumput kumargi lingsem sareng sirikeun ningali urang....!”
Taya deui nu nyoara, aweuhan rasa ngadadak tungkeb dina nyongkabna hawa asmaramurka. Anteng lalayaran, meuntaskeun kahéman nu ngalangkangan dina beungeut bulan nu beuki konéas miasan.
Sora jangkrik mirig kawas nu ceurik ngabangingik, bangkong réang semu nganaha-naha, ciang-ciang midangdam banget nalangsa. Peuting lilir ngagulang gapér kaketir, nyukcruk cundukna isuk mawa béja kuciwa tina lalakon mangsa nu udar subaya.
Kembang ligar kaleungitan sari mamanisna, leumpeuh leungiteun deudeuh, layu kapidangdung, disasaak carita cinta anu sulaya.
Isukan, bulan ngalanglangan dina kalangkang samagaha.
Panén raya harita téh. Usum rendeng. Tatar Karawang pada ngadareugdeug. Tangkulak nganteg. Calo paciweuh. Ngugudag paleuleuwih. Gabah ceuyah, hargana murah. Tampolana dihutang. Mimingguan. Ngagejrét pisan mun pareng ka tinggang hujan. Paré tarogéan. Réndemén teu bisa diharepkeun. Nombok. Tamplok bacoteun. Kari daki jeung capéna wungkul.
Ngaborong gabah. Diolah jadi béas. Lain kakara. Geus katalar. Kairong pibatieunana. Leuwih ti lumayan. Tapi kaayaan cuaca nu teu tangtu. Ngacak-ngacak sagala rarancang. Nu usrip pating korolos. Usaha nyamos. Modal susud. Nyirorot. Aya nu ngaharéwos. Méré tarékah. Dicobaan. Jétu. Teu moé, teu giling. Untung terus nanjung. Puteran duit ukur sakoréléngan. Béas laris. Sakali brak. Jlug-jleg harta banda. Jugala. Jumawa. Tapi ukur ngaheruk basa didakwa ngeunaan asal-usul usahana. Rumasa. Raskin nu jadi marga.
Panonpoé wayah lingsir muru dahan peuting,
hurung mubyar nungtun layung
dipayungan halimun marengan hiliwir angin
mernahkeun tiisna lebah tegalan rasa.
Tonggérét kari rérétna mérè tanggara dina kararas
nu boléas ngahihidan pucuk eurih, tingarulang
nembrakeun congo kapeurih nu lawas kasuat
tibelat nyaksrak nyasaak rasa dina tatu teu kaur
lita mangsa silih amparkeun kanyaah.
Lemah katresna mimiti beueus nembus jajantung
ngagerihan sanubari nu teu kalis sedih kingkin.
Asih nu salah wanci jumerit dina tungtung sariak
layung.
Belewer surat ondangan dialungkeun, kalayang miraga lemah rup, tulisan ngaran "Tedy" karurub kertas duriat.
Ngabring mapayan paimahan. Reg, di unggal lawang panto. Réang ngawih. “Paparinan mis pareeng...” Nu boga imah norojol, “pareeeng..,” bari mawa botol lisah tanah. Curulung, eusina dipindahkeun kana kompan nu ngemis. Saréréa atoh. Breng ngarawih deui, ngadungakeun ka nu méré.”Alhamdulillah ya Allah ya Rosululloh, salamet dawa umur mugi caang di jero kubur. Sim abdi ngemis ngalap rijki malem Kemis. Diseungeutna irah baé, boh isukan boh pagéto. Ayeuna gé teu nanaon...” Poé Rebo liwat lohor. Urang lembur geus araya deui di imahna. Lembur sakitu legana téh kaider kabeh. Bagilir unggal minggu. Mun ayeuna awéwé di beulah kalér, lalaki bagéan beulah kidul. Minggu hareup mah sabalikna. Apal pisan ka unggal imah jeung nu bogana. Kabéh gé baraya, saur Apa. Palebah hade poéna mah, beubeunangan téh sok mucekil. Kompan pinuh, duit meunang. Pabuburit, ladang ngemis disetorkeun ka bumina Abah Haji. Pameunteuna marahmay, mapag kuring sabatur- batur. Madrasah ngempur nepi ka malem Kemis deui.
Ngadon sumegruk kanyeyerian, teu kaopan geuning ayeuna mah. Teu kaur digetrik, sok langsung ngajanggilek. Reueus kapungkur asana; mun hég aya duit nyasar, rékening bank beukah teu puguh. Teu sirikna ngagelendut, ngélingan. Kedah iatna, palias, cenah.
Basa kamari, kamarina, jeung kamarina deui; anu pasuliwer lar sup kana rékening, teu sirikna diaminan, dipupujuhkeun. Kanggo ieu, éta, itu, nu ieu, nu éta, nu ieu, nu itu… kadituna?
Hég geura, saban waktu haben ka salon. Da keur saha ieu ogé, cenah. Nya keur saha atuh, apan Aka mah indit subuh balik peuting?
Ari ngabendum réncang sabondoroyot; kanggo supir, tukang kebon, tukang nyeuseuh, tukang masak, tukang ieu, tukang itu, tukang….? Lain kataji da. Kahayang sotéh, mun téa Aka balik ka imah; hayang dipapag ku kacinta, disuguhan ku cai kaasih, pasakanana olah katresna nu dibungbuan ku kadeudeuh!
Pigura diteundeun deui kana tempatna. Diajak imut, teleb.***
Dahar di kantin. Rék mayar. “Atos pa engkin wé sakantenan.” Ceuk nu jaga. Meuli sendal. “Punten pa teu tiasa kontan, kedah ngiridit waé paling énggal satauneun.” Ceuk nu dagang. Ngaput baju, dicukur, diurut réfléksi ongkosna teu meunang sakaligus. Awal bulan jul jol tagihan. Ti lising itu ti lising ieu, hahargaan jadi ngalipet. Ti harita. Dahar naon waé aya léntahan, maké naon waé ditémpélan léntah. Di imah, di warung, di kantor ngahunyud léntah beuki lila beuki lalintuh. Daratan heurin ku léntah. Getih garing disedotan. Loba lalaki sapatemon jeung indung sorangan.
“Sugan téh moal kieu jadina.Kaduhung aing mah sagedé gunung. Kaduhung teu dipaéhan wé waktu keur orok kénéh.” Simon Young ti Partéy Republik muka obrolan ku ambek-ambekan di sela-sela istirahat persidangan. “Naon maksudna tatéh? Asa teu pupuguh.” Jones Tyson ti Partéy Demokrat nanya bari rada himeng ku polah baturna.”Deuleu étah, na manéh teu sadar?Urang pan nu ngayakeun “fit and proper test” pikeun ngangkat maranéhna téh.Geus jadi,geus gedé,geus kuat?Éh, malah batur urang di Senat ditaréwakan.Kader Partéy dijeblos-jebloskeun ka panjara.Malah pupuhuna pisan beunang. Lila-lila urang gé geura.Naha éta lain ngalunjak?Dasar anak kukut teu bisa mulang tarima.Sok tah pikiran ku manéh.Kudu dikumahakeun ari nu kitu?”Simon Young ngomongna sumanget pisan.”Hésé.Masalahna,maranéhna geus diaku budak pangsoléhna ku rahayat.”John Tyson paéh pikir. “Ka dieu geura sing deukeut. Every man has his price. Deukeutan budak nu panggedéna. Ngarah teu galak teuing. Manéhna mah moal aya nu néwak, moal aya nu nyadap ari lain malaikat mah.”Simon Young haharéwosan.
Dasar Supir bedegong. Ari dibéjaan, kalah malik mapatahan. Tahayulah. Ngadeukeutan siriklah. Nya ari geus mogok kieu mah. Uing deui wé nu katempuhan. Kudu saré dina mobil. Coba méré roko. Meureun moal kieu kajadianna. Jaba girimis. Jaba nyedek ka sareupna. Nyaan sisit kadal nasib kenék mah. Tok, tok, tok. Gebeg. Aya lalaki ngajanteng. Beungeutna, karijut siga tapak karérab seuneu. Nyéréngéh jeung ngisarahan, nitah muka panto mobil. Haté ngageter. Pikiran goréng. Tapi teu burung dibukakeun. Kalacat, gék, uprak-oprék. Teu lila, gap kana stater. Gerung mobil hirup. Laju diputerkeun ka arah Subang deui. “Akang montir titahan Supir, Jang.” Cék manéhna bari ngasongkeun roko. Uing maut sabatang. Cekés disunut. Laju dialungkeun ka Jalan. Manéhna ngarérét ka uing bari nyéréngéh. Reg mobil eureun hareupeun warung. Katingali. Supir keur uplek ngobrol jeung pelayan. Ningali mobilna, Supir cengkat bari nyampeurkeun. “Geuning hirup.Cé. Nya alus wé, jadi bisa mulang ayeuna. Hampura nya rék ngabéjaan yén montir isuk datangna, hapé pulsana béak.” Gebeg. Rét. Dijero mobil. Euweuh sasaha.